Panita Pramadita (lalakon)
Carita di wewengkon madukara di amarta, ker karumpul
balarea, Dupi anu jadi wewewngkon nyaeta panengahing pandawa adipati arjuna,jeng
dina harita ka sumpingan resi dorna resi kombayana di nagara astina utusan
prabu suyudana, teu kantun raden
abimanyu putra arjuna kalayan sesepuh semar badranaya anu sami aya di kraton
madukara
Arjuna : kaulanun kangjeng rama unyuk sumanga ieu
pun anak parantos aya abimanyu hidep
Abimanyu : kaulanun putra rama dewaji
Arjuna: gera punyung ieu sepuh kasep
Abimanyu : teu pino damel ngahaturken semah sungkem
ka unyuk pangjenengan eyang
Dorna : hahhaaa deudeuh teuing ayena hirup the ges
boga incu, hidep abimanyu incu eyang di tampi nuhun sembah hidep puji astute hidep
ku eyang kasep. Hahaaa nikamt jun di sembah ku incu,, heug nuhun cu..
Abimanyu : sajabina tikitu aya pikersaeun naon eyang?
Oge kangjeung rama?
Arjuna : ke kasep kadieu ka hareup kakang semar
Dorna : kadieu mar kahareup silaing
Semar : teu pino damel ngahaturkeun sembah sungkem
di sim abdi sun
Arjuna : ditarima kang
Semar : ka unjuk kasepuhan sun…
Dorna :hahhaaa.. heg syukur euy, cageur gening?
Semar : sae sun sae..
Dorna : ari si cepot si dewala karaman?
Semar : aya sun di luar
Dorna : heeuh bener kade si eta kade, sing bener
ngawarahna,, sabab satiap-tiap kaula datang kadieu sandal teu weuleh leungit,
kade kade
Semar : timalan..timalaan…
Arjuna : manga kangjeung rama, naon rupi hal maksad
sareng tujuan gera saurken wae sakumaha anu tos di badantenkeun wengi.
Dorna : hahhaaa.. kieu kasep, urang wangsulan deui
we caraitaan jeng dongeng nu peuting,, nyukcruk kana galur mapay kani riwayat
ngilik kana panca kaki, ama dongkap kadieu the nyaeta mangul utusan anu jadi
ratu ngebad nimalan anu jadi raja ti nagara astina nyaeta di anger prabu
suyudana ti tuang raka raja astina,, ti tuang rama uwa kasep manyu
Abimanyu : teu pino damel kaulanun eyang.
Dorna : kieu,, tadi ges dicaritakeun dilingkaran
sejarah pandawa jeng kurawa the teweleh dor dar parasea tibaheula, teu leuetik
silih ala pati ti lelemut silih ala umur ti bubudak silih ala nyawa aria nu jadi
papasean lantaran nyaeta sieun karebut nagara astina ku pandawa, memang-memang am
age apal nagara astina teh tetep hak milik pandawa , ngan dina lebah dieu kasep
bubuhan hidep pandawa jelema saroleh jelema sabar jeung tawakal, gening ari ku
sabar jeng jeng tawakal mah kaburung pandawa boda nagara, malahan ieu nagara
amarta kaceluk kakoncara mancanegara, nagara subur nagara makmur gemah ripah
loh jinawi aman santosa, malahan ayeuna ge di sebut nagara super power, disebut
nage naga beurat beunghar nya kitu di satengahna di Negara astina,, tah kieu
yeuh.. ku hal sakitu alus nepi ka teu
papasean aknu jadi dulur ku teu pagetreng nage iru ngarasa bagja malahan
pandawa jeng kurawa nepi ka mararaju jalalemar, kumaha ceuk nu apal? Itu guruna
dorna hahaaa.. kabawakeun bagja kolot ka angkat harkat jeng darajat, nepi ka emang di ayeuna para ratu
mika yungyung para menak mika serab kolot nyesa deungeun-deungeun mika deudeuh,
ieu the naoan nyaeta saolah-olah ama diangkat darajat kunu jadi anak, bongan
anu jadi anak jalalujur, balalener, jalalemar
Arjuna : tapi teu sanaos kitu da ieu teh jasa anu
salira ama
Dorna : eta mah dina saling jung-jung mah ges kitu
deui ges kudu kawajiban nu jadi manusa, ngan tetep ari hak mah ulah di
popohokeun, sanajan ayeuna hideup aya di nagara amarta ulah lali kana purwa
daksina ari pura the wiwitan ari dakina wekasan,, ari hak mah tetep nagara
astina the nu pandawa
Arjuna : tapi sawios nu penting mah pada-pada majeng
we..
Dorna : heueuh tong sagala sawios, model kieu yeuh, lain ngagorengkeun ngan
nyaritakuen model lanceuk hideup nu jadi raja di amarta sagala the sawios, tah
ulah nepi ka kitu hirup mah, sagala rupa ge ari make teuing mah matak nyilaka
keun, ulah kateuingan geura pek tuh, kudu cara panayagan ari teu di bayar the baketut
cek am age kitu.
Arjuna : leres kaula nun
Dorna : kieu yeuh,, tah didieu aya jalan komo
meuntas mun ceuk barudak ngora mah pucuk di cinta ulam pun tiba , nyaho arjuna
ulam?
Arjuna : anu dina awi
Dorna : eta mah cangkilung, ari ulam the anus ok kukurunyudan
dinu huntu,,, kitu,, jadi hartina teh aya jalan komo meuntas monyek naek dibere
taraje mogok mangih gorowong, ari prabu suyudana the boga budak awewe ngarana
na the lesiming puri.
Arjuna : ohh, leres-leres…
Abimanyu : aceuk lesminign eyang?
Dorna : tah eta , nu bungsu.. lain salmini nu di
andir lain, ieu mah lesmining puri adina mandra komara, tah eta budak the ges
remaja putri, aya ku aneh, eta budak the dina waktu ayena the gering nagtung
ngalanglayung, peuting tega ninggalkeun sare beurang tega ninggalkeun dahar,
ngan hulang jentul ,, lamun ti peuting hahariringan lamun ti beurang
hahaleuangan, pihariwangeun weh
Arjuna : leres kaulanun? Boa teu damang?
Dorna : ah da ari disebut panas tiris da heunteu,
ngan anu jelas eta budak dina waktu ayena the ker katarajang ku asmara, katarik
birahi ka pentang asamara gama nyaeta lain ku nu lian hidep ku hidep abimanyu
ku anak anjeun arjuna sabererna eta budak the ka peletna, hahaaaa bagja ama, ku
ayana budak nyeletuk kahayangna boga salaki ka abimanyu, ama guligah, ngagebray
, paribasa tea mah keur ceudeum kaayaan poe bray panon poe datang benggras jentre,
eces pertela kembang boled.. nao anu ka tempo ku ama bisa jadi hak pandwa the bakal
tetep ka pimilik ku pandawa ngan moal kapibanda ku pandawa pasti bakal ku
abimanyu jeng turunanana, atuh ayena teu ka sorang ku pandawa sugan ku anak
hidep, bukitna naon? Sajarah… nagbuktikeun dina waktu ayena eta budak nu ngaran lesiming puri the ka tarik
birahi kapentang asmara ku abi manyu, hahahaa.. tah ku kituna ieu budak the rek
di bawa ka nagara astina yen ek di teungkeun ka lesming puri. Beh ditu namah
hayu urang pindahkeun tina alam lalagasan ka alam rimitan ieu budak the kasep..
kadar cenah engke haying pestana, haying upacara ngadat, gampang nu kitu mah,,
iik oge bisaeun nyieun upacara ngadat mah,
Arjuna : leres kaulanun
Dorna : tah kitu kasep, kumaha ek menta jawaban anu
pasti dina waktu ayeuna?
Abimanyu ngahuleng ngaraga meneng, sedengkeun
abimanyu maca dina sajarah kadengkiana urang –urang kurawa ka pandawa, malahan
dina dirina ges ngarasa kesel ku
tindakan urang-urang kurawa ka pandawa kitu nurutkeun sajarah anu tos katampi..
Dorna : kumaha kasep?
Abimanyu : sadaya-daya eyang..
Arjuna : jawab kasep? Wayahna ieu kasempetan nagara
astina teu kalaksanakeun ku ama atuh ku hidep jeng turunan hidep tetep we bakal
ka pibanda
Dorna : tah kitu marukana, sok jawab?
Si cepot jeng si dewala ngadangukeun di luar…..
Cepot : jang.. sok palalur aing mah euy, sok
satiap-tiap ka datangan dorna pasti we aya nu rebut, tah sok sieun kadinya
dewek mah lumpatna mangpaurkeun dewek mah, dewala?
Dewala : naon? Ulah kalangkang kolongkong kainya
Cepot : eh lain.. dewek mah sok ngarasa melang lamun
kadatangan dorna the, ker tiis-tiis oge ngadak-ngadak hurung, heehee sok
ngiruhan suasana sagala rupa ge, ker tengtrem-tengtrem
Dewala : heueuh didieu urang wang cicing dieu wang
congkak yeuh,…
Dorna : kumaha semar kira-kirana satuju?
Semar : ngiringan sim abdi mah sun
Dorna : heeh kudu kitu ari jadi jelema hadeuh cik di
baju ari hareupeun dunungan the atuh, ieu mah hareupeun dunungan hareupeun di
sasaha the buligir we, jiga anu teu di bere jiga pajarkeun dunungan pedit, ulah
kitu kalakuan the, eta beuteung kempesan tong buheukeu teuing, hehe sabab cenah
di akherat mah moal narima jelema anu buheukeu, heuuh beja kitu ge
Semar : teu pino damel sun
Arjuna : jawab abimanyu?
Abimanyu : sadaya-daya kaulanun rama dewaji ogee
yang.
Dorna : kumaha kasep?
Abimanyu : panuhun anu kasuhun mulih pamrih anu di
teda, sakumaha kasauran rama dewaji, yen dina waktu ayena putra the kedah
ngereureyeuh nikreuh milarian elmu panemu jampe kalayan pamake, pikeun
pibekeleun putra muncul di tengah-tengah masyarakat, katerangan nu mere beja
yen dimana urang nitah the kudu ka ahlina, upama nitah ka lain ahli tunggu
karuksakanana, ku hal sakitu ieu keterangan the di perhatoskeun ku putra, putra
the rumaos dina waktu ayena the masih keneh sisit ku pangarti tebih ku
pangabisa jauh ka ngagagaduhan elmu, satacana putra muncul di tengah-tengah
masyarakat the hoyong we ku elmu kalayan putra supados jadi ahlina, sedengkeun
dina waktos ayena the tebih kana ahli tukang ge teu aya, kaleresan saur ama teu
aya deui gogoda di dunya the lin ti hrata wanita jeng tahta, pikeun ngantol
elmu jampe pamake ku hal sakitu sakitu wae ulah jadi bendu.. putra the teu acan
maksad bojoan…
Dorna : aeh aeh…. Naha ieu budak the teu beunang di
pikanyaah
Semar : haaahaa,, na ari kasauran putra menak,
ngagulur we
Cepot : jang…lain juragan abimanyu mah nepi ka,,
heeuh beda dinu sejen kitu, didenge-denge the anak suyuda mah mandra komara,
huuh proyek ge ku manehanana di leg-leg, tara nyesakeun keur batur mak mak mek
mek.. bari jeng bahasa na the anu garihal, batur salah saeutik cepbroott..
polotott maen pecat.. ari kapangih ku batur kumaha we cara ngambing hitamkeun
batur the babari pisan, lempar batu sembunyi tangan the, heuuehh anak-anak
suyudana anu salilana hirupna di pepende ku dunya. Pinter maenkeun angka,, tah
kitu jelema anu poho kana temah wadi the, tapi model didikan dewk mah model
abimanyu,, percaya silaing abimanyu didikan dewek? Percanten kang,, ah biasa
sok ahhhhh.. meren aynamh percaya ka dewek the 100 % heeeheeee….
